II. PERANG TURKI JEUNG AJERBA IJAN.
Mijil
1. Kacaturkeun tentara Muslimin, nu gerak di kulon, ti Kaspi ge teras ngulon keneh, nasibna teh na ku matak sedih, ngalaman prihatin geus dipukul musuh.
2. Harita teh taunna Masehi, ceuk beja inohong,na taunna genep ratus keneh, tur leuwihna di handap ditulis, sumangga tingali, lima puluh tilu.
3. Taun Hijrah saena kapanggih, di handap katembong, taun tilu puluh dua keneh, sasihna mah sanajan Masehi, weleh teu kapanggih, manawi di payun.
4. Anu jadi musuhna Muslimin, tentara nu kahot nu kaasupna golongan galede, nu kahiji tentara ti Turki, kaasupna penting, tukang perang campuh.
5. Kaduana Rus Hajur kawarti, golongan jarago, jago kolot tukang perang kabeh, tempatna teh deukeut laut Kaspi, kulonneun saeutik, tapi rada kidul.
6. Pihak Islam harita nu mingpin, nurutkeun ceuk wartos, Muawiah jeung dulurna bae, putra Sopyan katelahna Yasid, geus manggih prihatin, dikepung ku musuh.
7. Kituna teh ku urang kaharti, Islam pangna repot, medan perang geus meh gunung kabeh, tur hawana pameakan tiis, keur kaom Muslimin, mutuh matak ripuh.
8. Beurang peuting ngagelebug angin, tapi angin kosong, sarerea ngaharodhod kabeh, bororaah keur ngalawan jurit, teu kuat ku angin, Muslimin raripuh.
9. Keur mah tiris meh teu bisa indit, gadona noroktok, kudu leumpang nyorang nu gurawes, lamping gunung nu pinuh karikil, rarumpil lungkawing, batu ting tangguluk.
33