20. Karugian tentara Muslimin, meh mangewon-ewon, nu sarahid tur jarago kabeh, nu sarepuh tur arahli ngaji, ngaraosna pasih, hapad Kur’an agung.
21. Seuseueurna nu marati sahid, di nu tempat legok, keur kajepit dina gawir roke, Muslimin mah can ngalawan jurit, dikepung dijepit, keur can bisa maju.
22. Di nu lega waktu perang tanding, ti Islam tarembong, geus ngalawan musuhna paraeh, nu jumlahna meh rebuan leuwih, leuwih ti Muslimin, nu hirup kalabur.
23. Sabalikna tarung rebut pati, ari mungguh Allah, hikmatna mah tembong aya bae, kapentingan keur kaom Muslimin, Al Kur’annul karim, konsepna disusun.
24. Hiji waktu tentara ti Parsi, cekcok rebut omong, dordar rongkah hoghag mani recet, ti Siria geus nangtangan jurit, tina soal ngaji, marebutkeun lagu.
25. Perbedaan tina soal ngaji, geus nepi ka cekcok, meh nimbulkeun bahaya nu gede, ngan untungna geus bisa disapih, diajak badami, ahirna mah rukun.
26. Kajadian rusuh soal ngaji, kaburu dilapor, ku Halipah geus dicatet kabeh, pamadegan anjeunna pribadi, moal lami deui, Kur’an rek disusun.
27. Sanes bae rewel rungseb rungsing, anu jadi poko, ti daerah geus mindeng katangen, komo deui nu taluk pandeuri, dina soal ngaji, seueur nu kaliru.
28. Najan beda tina soal ngaji, geus nepi ka cekcok, akibatna untung keneh bae, najan kitu peryogi dibagi, supaya ngahiji, ambeh ulah rusuh.
29. Halipah teh teras itikurih, sanajan keur repot, naskah asli nu di Habsah keneh, di Aisah kantos dikurihit, untungna babari, iasa dibantun.
35