Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Sajarah Khulafaaurrasyidiin II.pdf/38

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca

30. Nu di Habsah geus disusun rapih, henteu kudu repot, dina waktu Abu Bakar keneh, ngangge dasar pituduh nu rapih, kenging Kangjeng Nabi, sateuacan pupus.

31. Naskah Kur’an nu ti Habsah tadi, ku Usman diilo, dibantuan para ahli kabeh, nu arapal teu ningali deui, kana naskah asli, tapi tetep akur.

32. Halipah teh miwarangan nyalin, ka ngaran Abdullah, budak ngora putrana Ki Juber, nu kadua Jaid ibnu Sabit, nu katilu Said,ibnul Ashkamashur.

33. Nu kaopat Abdulrahman Haris, ibnu Hisam kahot, aranjeunna pahibut memeres, disaralin mani siang wengi, kocapkeun tarapti, Usman ngucap sukur.

34. Aslina mah disanggakeun deui, ka urut keur nyokot, ka bumina Siti Habsah keneh, kenging nyalin gancangna dikirim, dikawal prajurit, malum ka nu jauh.

35. Nu kahiji ka nagara Mesir, ka Mekah mah komo, ka Damaskus ge sarua bae, jeung ka Kupah harita dikirim, utusan tarapti, ka nu dijarugjug.

36. Dina serat Halipah mepeling, sangkan teu paroho, nu maksudna kudu bareng kabeh, dialajar dina Kur’an resmi, kiroatna sami, sing bisa saluyu.

37. Eta Kur’an ngagaduhan nami, musap Usman sohor, itikurih anjeunna nu cape, nu ngumpulkeun Al Kur’anul Karim, pamugi kaharti, darma nukil wungkul.

Durma

1. Pamarentah wewengkon nagri Siria, Muawiah nu mingpin, putra Abu Sopyan, diangkat waktu Umar, dibenum Gubernur Damsik, panglima perang, dirangkep jadi hiji.


36