12. Dina taun genep ratus patpuluhna, tambih tujuh Masehi, datang ka Siria, pasukan nu tohaga, tentara raja Yunani, ti Roma wetan, pasukan ekspedisi.
13. Maranehna datang ti Minor Asia, nelah Asia leutik, jeung keur kabeneran, waktu kosong pasukan, anu ngajagi Yunani, nu rek ngajorag, rek ngepung ka Muslimin.
14. Muawiah ka Halipah geus nyeratan, gasik ngirim prajurit, bantuan nu kuat, keur ngajaga Siria, rek dirurug ku Yunani, utusan datang, ku Halipah ditampi.
15. Ku Halipah laporan geus ditarima, suratna ditingali, Halipah nyelukan, Kapala setap datang, nu kamashur Jendral Ali, teras marentah, gancang kirim prajurit.
16. Mun ayeuna pantesna PHB tandang, saban-saban propinsi, dipenta bantuan, keur ngirimkeun pasukan, petingan nu brani mati, pikeun Siria, nu dikepung Yunani.
17. Kacaturkeun panghubung tugasna lancar, unggal-unggal propinsi, ngirimkeun pasukan, jumlahna ge mokaha, meh dalapan rebu leuwih, tamba lumayan, ka Siria tarepi.
18. Muawiah pohara bungaheunana, gancangna terus singkil, geus tandang Panglima, maju ka medan perang, ngajorag pihak Yunani, seja ngalawan, Yunani maras-miris.
19. Ti Yunani tentarana nu dibawa, pasukan ekspedisi, barisan petingan, pangawalna sang raja, husus ngajagi Sang Aji, teu ahli perang, digebah birat ngacir.
20. Pihak Islam anu dalapan rebuan, nyanghareupan Yunani, pohara gedena, cenah mani ngalaksa, untungna pitulung Gusti, musuhna kalap, can jurit geus ngalacir.
21. Geus ka luar ting berebet ka nu anggang, baturna teu ditolih pabarisa-bisa, lumpatna paburiak, sarieunneun manggih pati, teu ngurus jalan, baralik ka Yunani.
38