Ieu kaca geus diuji baca
32. Perjoangan Muawiah di lautan, di lautan Yunani, sareng Laut Tengah, jeung Laut Aegea, nepi ka Bejantiumi, Konstantinupal, pusat nagri Yunani.
33. Marulihna Muawiah ka Siria, ngahiji jeung prajurit, jalan Amuriah, Amorion ayeuna, bari jeung teu eureun jurit, sapanjang jalan, sasatna beurang peuting.
34. Kabeh benteng reujeung kubu pertahanan, di sapanjang basisir, sakur nu kaliwat, kasorang bari mulang, digempur beak beresih, Romana wetan, direbut ku Muslimin.
35. Ngan sakitu sajarahna nu kapendak, peperangan Yunani, nu ngalawan Islam, sarta teras dilawan ku Muawiah dipingpin, tandang bejoang, mungkur geus hasil jurit.