pasti maranehna kudu ngatur, ngurus Nagara nu beunang, tinggal prak teu matak isin.
33. Mun aya rido pangeran, perjoangan pikeun kaom Muslimin, lain ngan sakitu wungkul, niatna sabuana, patalukan ku Islam kudu diwangun, di bawah lindungan Ka’bah, sina areling ka Gusti.
34. Sakitu anu kapendak, nu kaguar ku sim kuring ditulis, sajarah anu kahatur, muga jadi padoman, umat Islam boga cita-cita luhur, saperti Jendral Abdullah, hapunten mung darma nulis.
Durma
1. Jendral perang Abdullah bin Saad tandang, ngumpulkeun para Opsir, parentah Panglima, pasukan geus waktuna, arindit ka medan jurit, Kartago jorag, sayagi geura tanding.
2. Kacaturkeun ti Aleksandria budal, ka Kartago tarepi, ngatur kakuatan, sarebu sapasukan, ngabaris kabeh tarapti, Jendral Abdullah, ngumando pikeun jurit.
3. Kartago mah pertahanan paling beurat, dikurung ku prajurit, ku tentara Roma, tentara karajaan, Romana timur Yunani, bentengan waja, matak gimir nu jurit.
4. Taktik perang Jendral Abdullah nu gagah, diujina pasagi, Kartago diserang, didongkang unggal madhab, bentengan enggeus diuji, dobrak ti heula, ti dinya campuh jurit.
5. Gregorius Gubernur Kartago tandang, geus ngumpulkeun opisir, gancang sidang kilat, ngumumkeun tandang perang, lantaran Kartago genting, darurat perang, dijorag ku Muslimin.
6. Meh saratus dua puluh rebu urang, prajurit lengkep kumplit, siap lawan perang, ngalawan pihak Islam, tamburna nurungtung muni, jeung sangkakala, tanggara maju jurit.
45