Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Sajarah Khulafaaurrasyidiin II.pdf/48

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca

7. Jendral perang pihak Islam teu leleda, gasik ngirimkeun kurir, lumpat ka Madinah, laporan medan perang, kakuatan ti Yunani Panglima Besar, ngumpulkeun kabeh opsir.

8. Dewan Agung marentah ka Markas Besar, Jendral Ali nu hadir, lantaran tugasna, jadi Kapala Setap, parentah keur lawan jurit, ngirim bantuan, supaya gasik indit.

9. Bantuan teh pohara gede jumlahna, kabeh sahabat ngiring, barudak ngarora, garagah resep tandang, buta tulang — buta daging, meujeuhna galak, Ali mingpin pribadi.

10. Abu Talhah jeung Jubir ge milu tandang, kekentong kabeh indit, sarua panglima, Jendral ti markas besar, Halid bin Walid ge sami, teu katinggalan, Jendral Saad ge ngiring.

11. Di jalanna ku sajarah teu diserat, kocapkeun geus tarepi, ka Kartago datang, jeung Abdullah patepung, prajurit baris ngahiji, balatentara, jumlahna teu saeutik.

12. Jendral perang ka Ali kocap laporan, Kartago ruwet rumpil, digenjot diserang, hantem mangbulan-bulan, can bisa ancur tibalik, tetela kuat, musuh tanggoh warani.

13. Harita teh genep likur taun Hijrah, jeung itungan Masehi, tetela meneran, taun genep ratusan opat,puluh tujuh tambih, keur hebat perang, wani papada wani.

14. Beurang peuting nu perang hantem-hanteman, silih gada jeung biting, pedang lawan pedang, tumbak ngalawan tumbak, tampuling lawan tampulig, panah jeung panah, campuh geus jadi hiji.

15. Dina kuda ditambah onta jeung gajah, leumpang suku pabeulit, katarajang gajah, sabab leuleungiteun jalan, kalabur panting - baligbrig, tentara Islam, ngarepung ti pandeuri.

16. Perang kuda dilawan ku perang kuda, prajurit sami wani, der maraen pedang, blagbligblug anu ragrag, peujitna barudal-badil, ngajengkang modar, Yunani matak sedih


46