Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Sajarah Khulafaaurrasyidiin II.pdf/49

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca

17. Hujan panah teu aya wates wangenna, barbirber tingsiriwik, geus ngalong ku panah, rebuan tingkalayang, diluhureun medan jurit, poek ku panah, mayit pating bugigig.

18. Medan perang geus heurin pinuh ku bugang, numpuk patumpang tindih, susah nu ngalengkah, lir nu paeh kasarad, burah-bareh mandi getih, tentara Islam, bayangan nekad sahid.

19. Maranehna perang teh enggeus biasa, dianggap bari ulin, taktik perang apal, komo ngarebut medan, geus jadi tali paranti, rikat ngalawan, musuhna tingpurinding.

20. Ampir magrib musuhna ninggalkeun kalang, mabur pating - balecir, kalap lalumpatan, tatu cacad parincang, boborot marandi getih, hantem diudag, careurik tingjarerit.

21. Gergorius Gubernur Kapala Perang, nasibna matak sedih, tetela palastra, dipeuncit ku musuhna, prajurit Bijantium, henteu kabilang, nu modar tingbugigig.

22. Biasana nu campuh di medan perang, sanajan mung saeutik, aya nu kasoran, tiwas di pakalangan, prajurit kaum Muslimin, nya kitu pisan, seueur nu mati sahid.

23. Nu taratu nu caracad diubaran, wanita gerak kesit, meureun mun ayeuna, jaradi palang merah, harita mah bulan sabit, para pajoang, nguruskeun nu garering.

24. Ti Kartago tentara pihak Madinah, kocapkeun geus baralik, Jendral nu mingpinan, Ali Jubir jeung Talha, sinareng Halis bin Walid, pasukan datang, Halipah bingah galih.

25. Ki Abdullah bin Saad bin Abi Sarah, Panglima nu di Mesir, Jendral ahli perang, jadi bentang lapangan, kawentar pinuh wawangi, ditambah pangkat, Jendral muda Jaladri.

26. Kaputusan Markas Besar ti Madinah, Abdullah naek deui, jadi Laksamana, Angkatan Laut Islam, angkatan anu kahiji, sajarah Islam, laut mimiti penting.

47