Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Sajarah Khulafaaurrasyidiin II.pdf/54

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca
  1. Pihak Islam geus laporan, ka Madinah utusan kocap tepi, dewan pertimbangan agung, sareng anggota Senat, buru-buru diceluk terus karumpul, sidang kilat musawarah, Panglima Besar nu mingpin.
  2. Rupa-rupa pamadegan, geus katembong ciciren demokrasi, ahirna terus diputus, dibaca ku Halipah, geus saluyu pikeun ngepung Bijantium, keur ngayonan Roma wetan, nu susumbar ngajak jurit.
  3. Utusan kocapkeun mulang, balik deui ka markasna di Mesir, di jalanna teu kacatur, jol ka Aleksandria, ku Panglima suratna terus dibantun, ngayakeun sidang darurat, prawira kabeh haladir.
  4. Putusan sidang darurat, para Jendral katembong leuwih wani, ngucap sukur ka Nu Agung, ngadoa babarengan, menta-menta perangna supaya unggul, kenging rido ti Pangeran, darma bakti ka Ilahi.

Durma

  1. Laksamana budak ngora maju tandang, ngalirik muril kumis, dangdak-dengdek mandang, ka hareup jeung ka tukang, nulak cangkeng baru seuri, hoak susumbar, hareupeun kabeh opsir.
  2. Sanggemna teh Bijantium kudu nyerah, taluk masrahkeun diri, ngalawan diganyang, beak dicacar bolang, beresih dibabad pacing, ayonan Islam, awas diburak-barik.
  3. Para Jendral dipenta kudu waspada, ngatur tugas prajurit, ulah kajadian, nepi ka henteu tenang cul tugas ngantun disiplin, acak-acakan, pinasti matak rugi.
  4. Pek gerokeun Hubbul wattan minnal iman, atawa mati sahid, ngabela agama, jeung ngajaga nagara, dikepung kaom Yunani pisabilillah, Muslimin yakin kenging.