Ieu kaca geus diuji baca
- Pihak Islam marapag maju ka tengah, sarua pada cicing, gancang masang jangkar, armada duanana lir dipaku mugen cicing, ngan singgarupay, nembongkeun pada wani.
- Bijantium jeung Islam silih tungguan, datangna angin tarik, ngukur kakuatan, lir ngawatek ajian, prajurit kabeh disiplin, nunggu parentah, komando tarung junit.
- Sapeupeuting teu lesot maraca Kur’an, ngadoa raong tarik, menta ka Pangeran, neda panangtayungan, ka Gusti Nu Maha Suci, supaya meunang, nyanghareupan Yunani.
- Ti Yunani sarua pada ngadoa, ibadah seja bakti, brak-brek sarembayang, tanggara rek ngawitan, loceng ditarik ngirining, geus ngabejaan, ciri kaom Nasrani.
- Kacaturkeun isukna angin teh datang, ngawitan rada tarik, parentah panglima, narik jangkar rek tandang, duanana maju kesit, geus silih hadang sangkakala geus muni.
- Ti Yunani sora tambur geus durduran, nurungtung tanda jurit, parentah komandan, sadia maju perang, prajurit taraki-taki, pada samakta, rek campuh rebut pati.
- Pihak Islam sarua siap sayaga, komando lawan tanding, parentah ngalawan, Laksamana Abdullah, ka nu tebih enggeus nepi, barisan panah, kesit patarik-tarik.
- Sanggeus deukeut barisan obor bergerak, barbirber seuneu bijil, keuna ka musuhna, layarna kahuruan, seuneu hurung kapal cicing, ger kahuruan, seuneu henteu ditolih.
- Korban panah korban seuneu pabalatak, prajurit ti Yunani, raong ceurik-ear, caracad korban panah, katindih tampuling lembing, kapalna kandas, guhal gahil teu indit.
- Pihak Islam korbanna sarua loba, seueur nu mati sahid, digeyer ku panah, sabagian caracad, sumangetna henteu leungit, tandang ngalawan, mentang panah karesit.