Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Sajarah Khulafaaurrasyidiin II.pdf/58

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca
  1. Ngan sakitu kisahna perang lautan, Islam sareng Yunani, nu gede korbanna, ti dua beulah pihak, Bijantium ngacir tebih, Islam nu meunang, teu samar bisa balik.

Asmarandana

  1. Perang di sisi basisir, lautan Aleksandria, perang rongkah tarung gede, Bijantium sareng Islam, Islam tetela meunang, Bijantium mundur kabur, nu misan mani laksaan.
  2. Lumpuh armada Yunani, nu ngajajah Laut Tengah, ieu teh hiji totonden, surudna Romana wetan, ancuma karajaan, ti golongan Bijantium, Heraklius turun tahta.
  3. Yunani mundur ka sisi, Islam nu maju ka tengah, geus kitu kersaning Allah, nu ngaraksa Laut Tengah, sareng Laut Kaspia, urang Bijantium mundur, Islam nu jadi gantina.
  4. Sanggem bujangga arahli, kawentar nu geus maroyan, ceuk sarjana nu galede, arahli sajarah kuna, majar armada Islam, harita upami maju, Bijantium pasti nyerah.
  5. Kumargi meureun kaharti, Islam dina kaunggulan, Yunani meujeuhna eleh, geus kasoran di lautan, perang di Laut Tengah, armada ti Bijantium, naringgalkeun medan perang.
  6. Kasempetan nu mustari, upama dipake tandang, waktu nu meujeuhna hade, keur ngajorang karajaan, Raja Romana wetan, Hiraklius raja sepuh, sakoteap pasti beunang.
  7. Upami nepi ka hasil, Romana nepi ka beunang, tangtu peta robah kabeh, gambar pikeun sa Eropa, mo cara nu ayeuna, harita langka nu wantun, can aya nu wani tandang.
  8. Waktu Islam singkil kesit, aksi di Lautan Tengah, bejana beh dieu keneh, saratus taun lilana, ti mentas peperangan, perang rongkah nu ka pungkur, di teluk Aleksandria.