Ieu kaca geus diuji baca
- Keur aksi ka-dua kali, na taun tujuh ratusan sareng lima puluh keneh, nepi ka tujuh ratusan, tambahna henteu loba, ukur lima puluh tujuh, ceuk itungan Masehi mah!
- Negarebut Asia leutik, maksudna rek sadayana, Asia minor diereh, jadi pangawasan Islam, tetela teu laksana, kaasup ukur ngalamun, hasilna teu sabaraha.
- Kaayaan sidik robih, sababna mah di Eropa, jlagjligjleg nagara gede, nagara kaom Nasara, nyarusun kakuatan, ka Islam nu baris nyatru, ngalawan di pangperangan.
- Baris ngabanding Muslimin, nyegah kepungan ti Islam, ceuk sajarah nu dikotret, pertahanan di Eropa, beuki kuat tohaga, di Parancis geus dibendung, supaya Islam teu nyebar.
- Katerangan nu ditulis, pamadegan umat Islam bujangga kahot galede, maroyan apal sajarah, jigana teu paruas, gerakan Islam kapungkur, nu kadua pedah telat.
- Upami waktu ngalacir, Bijantium waktu lumpat, teras ditarajang bae, dijorag ka nagarana, palebah dinya pisan, tinangtu Islam nu manggung, kawasa sa-alam dunya.
- Pamadegan urang Asing, sarjana golongan barat, nu katelah Hage Welles, geus nulis dina bukuna, lamun gerakan Islam, harita teh terus maju, moal salah Islam jaya.
- Yakin nagara Yunani, Karajaan Roma wetan, harita tinangtu seren, Konstantinupal sumerah, na abad kadalapan, tinangtu Islam teh manggung, di Eropa bakal mekar.
- Talukna Bijantium, kadua Konstantinupal, ka Eropa gampang bae, lenggang kangkung lalu-lintas, taya nu ngahalangan, saperti waktu kapungkur, keur asup ka Apganistan.
- Mimitina sidik rumpil, keur norobos ka Parsia, hantem ditarajang bae, ahirna mah bisa bedah, Islam ngarayap ngetan, ukur lenggang kangkung wungkul, geus datang ka Apganistan.