Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Sajarah Khulafaaurrasyidiin II.pdf/60

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca
  1. Muawiah hiji wanci, memang leres nyata tandang, paeh poso soson-soson, ngajorag Konstantinupal, tujuh taun lamina, Sulaeman oge kitu, hasilna saeutik pisan.
  2. Taunna cenah kawarti, Muawiah nuju tandang, taun genep ratus keneh, sareng tujuh puluh dua, itungan Masehi, ti harita maju terus, ngarebut Konstantinupal.
  3. Anjeunna teh mundur deui, ngantunkeun Konstantinupal, taun genep ratus keneh, jeung tujuh puluh dalapan, gentos ku Sulaeman, neruskeun nu maju ngepung, dihantem taya reureuhna.
  4. Sulaeman waktu kesit, ngagantian Muawiah, taun tujuh ratus keneh, tambah angka tujuh welas, terus-terusan perang, taun lapan welas mundur, bari teu aya hasilna,
  5. Ahirna nagri Rumawi, atawa Romana wetan, jadi pertahanan gede, meh nepi ka opat abad, kota Konstantinupal, pikeun bangsa Bijantium, tembong jadi kamegahan.
  6. Aya deui anu penting, keur nambahan pangalaman, geus kitu kersaning Allah, Abu Sopyan musuh Islam, musuh Nabi Muhammad, keur waktu Mekah dikepung, geus nyerah tur asup Islam.
  7. Anjeunna ngaji ngabakti, ngadidik para putrana, gedena kabeh katembong, jaradi pahlawan Islam, anu loba jasana, nuju ngarebut Damaskus, putrana kabeh berjoang.
  8. Muawiah nu kahaji, nu kungsi jadi panglima,kawentar sarta kasohor, di lautan jeung daratan, di daerah Siria, ngarangkep jadi Gubernur, di Damsik sapanjang abad.
  9. Kaduana nelah Yasid, ieu ge asup pejoang, geus kungsi jadi gegeden, Jendral ti angkatan darat sami gede jasana, di Damsik anjeunna pupus, kasuran di pangperangan.
  10. Katiluna mah srikandi, katelahna Juwariyah, mojang