Ieu kaca geus diuji baca
donto denok sohor, komandan laskar wanita, di medan peperangan, milu ngarebut Damaskus, putra putri Abu Sopyan.
- Saterasna nu kawarti, panglima Amru ibnul Ash, satria kasep tur soleh, anu jadi Jendral perang, nalika pendudukan, Mesir direbut ku Amru, tur diurus ku anjeunna.
- Jendral Amru keur dilantik, Panglima Angkatan Darat, taun genep ratusan keneh, jeung tilu puluh salapan, waktu ngantun jabatan, dina taun genep ratus,patpuluh tujuh tambihna.
- Saterasna nu digurit, nagara Romana wetan, Heraklius nu kasohor, dina keur mangsana jaya, ngaheuyeuk nagarana, dina taun genep ratus, sareng sapuluh tambihna.
- Kacaturkeun hiji wanci, na taun genep ratusan dalapan likur keur emboh, Heraklius nampa surat, surat Nabi Muhammad, maksudna ngajakan sukur, sangkan lebet ngagem Islam.
- Ka anjeunna tamu sumping, Abu Sopyan urang Mekah,
musuh Islam kedot kahot, Heraklius wawancara, soal surat Mu-
hammad, Abu Sopyan untung jujur, ngangkat darajat Muhammad. - Sanajan sakabeh padri, jeung pangagung karajaan, hatena nyungkelit gondok, Heraklius henteu robah, tetep muji Muhammad, jeung tungtunan anu agung,malah kieu nyariosna.
- Pamadegan ti sim kuring, pangajakna bener pisan, pikeun Nabi ieu waktos, saleresna diantosan, kadatangan tungtunan, nu jadi Nabi jeung Rasul, tetela rek mawa umat.
- Ku sim kuring teu kaharti, jeung teu terang ti asalna, lamun Nabi baris tembong, ti golongan bangsa Arab, nyata Nabi Muhammad, nu ayeuna jadi Rasul, ieu teh luar dugaan.
- Andika tadi wawarti, Abu Sopyan wawancara, upamina bener kabeh, ceuk emutan pangaruhna, pamarentahannana, bakal maju terus manggung, ka dieu ge meureun datang.
- Waktu Nabi nguping warti, yen suratna katarima,