Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Sajarah Khulafaaurrasyidiin II.pdf/62

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca
    kalawan jeung hade-hade, Mantenna bingaheun pisan, sareng dawuhannana, karajaan Heraklius, bakal panjang sajarahna.
    1. Kaduana putra putri, katurunan karajaan, Heraklius raja, gede, bakal mangku karajaan, bisa mang abad-abad, tur terus turun tumurun, buktina geus kajadian.
    2. Sidik bukti katingali, seuweu siwi karajaan, tetep golongan galede, nu ngereh ngurus nagara, nepi ka genep abad, katurunan Heraklius, ngarajaan Roma wetan.
    3. Suratna ti Kangjeng Nabi, geus jadi arsip nagara, disimpen dihade-hade, bejana danget ayeuna, duta Islam nu datang, katelah Mansur Kalawun, ningal pribadi aslina.
    4. Sakitu anu digurit, seratna Nabi Muhammad, nu ngandung sajarah aneh, anu jadi pangdeugdeugan, sakabeh umat Islam, Heraklius raja jujur, teu nyatru surat Muhammad.