Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Sajarah Khulafaaurrasyidiin II.pdf/64

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca
  1. Rahayat teh beurang peuting marungkawut, usaha nyiar keur ganti, jeung nu aya narah tepung, sentimen tur mikaijid, amprok ge sangeuk patemon.
  2. Maranehna hatena mah leuleus nurut, sing saha nu propokasi, teu mikir gasik diturut, teu nolih jasa pamingpin, nu berjoang paeh poso.
  3. Henteu beda jeung nasibna anu agung, Halipah Usman nu mingpin, jasa dina genep taun, ahirna sedih prihatin, ku rahayat dikoroyok.
  4. Keur Nagara nambah wewengkon teh untung, dipandang tina politik, pertahanan Islam maju, manis seungit ngahiliwir, geus kaambeu ka nu adoh.
  5. Usahana golongan musuhna buntu, karaman mah komo deui, Islam ajeg manggung terus, musuhna gigis tur gimir, kantun bingung nanggeuy gado.
  6. Sababna mah nu matak Islam geus manggung, bogaeun jalan nu penting, sareng Jamal nu kamashur, kaasup ahli ngadidik, tungtunan ti Rasulullah.
  7. Urang Mesir — Siria — Irak salukur, Parsia ge kitu deui, urut di peres diukur, ku Heraklius Yadajir, ku Islam ngarasa longsong.
  8. Ku Parsia jeung raja Romawi Timur, atawa raja ti Parsi, diteken pajeg keur hirup, sistim nagihna nu keji, papaksa make bobonggol.
  9. Kaduana agama anu dianut, ku Persia jeung Romawi, kudu agama ti ratu, Jaratustra jeung Nasrani nurutkeun madhab ortodok.
  10. Di Islam mah agama henteu diukur, merdika kenging marilih, ukur mayar ji-jah wungkul, nu jumlahna ngan saeutik, opat dirham henteu abot.