Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Sajarah Khulafaaurrasyidiin II.pdf/65

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca
  1. Opat dirham dibandingkeun jeung nu payun, keur jaman Parsi Rumawi, ayeuna rahayat untung, opat dirham leuwih leutik, tinimbang jeung nu bareto.
  2. Kerja paksa rakah-rekeh manggul batu, kapentingan Sri Narpati, di Islam mah teu katimu, ukur nyieun irigasi, kitu oge gotong-royong.
  3. Kawajiban nagara keur bela umum, berjoang jadi prajurit, rayat umum teu perelu, ku mayar jijah ge mahi, jadi sunah Rasulullah.
  4. Kalemahan ti Islam tembong ngajentul, di mana wewengkon nambih, ahlak umat teu kaurus, henteu kaburu dididik, lantaran jauh jeung repot.
  5. Ulah hilap Islam ge sami jeung batur, sareng agama Nasrani, diajarkeun anu husus, nu waktuna teu saeutik, teu kitu tanwande katon.
  6. Palajaran agama tetela numpuk, tapsir Kur’an nu kahiji, sunnah Rasul kudu hirup, urusan hak sareng batil, tungtunan ti Rasulullah.
  7. Puji agung nu kudu dijungjung luhur, soal tohid paling penting, rurukunan sipat Rasul, sipat Gusti Maha Suci, kudu merelukeun waktos.
  8. Lamun umat pinuh dieusi ku elmu, maranehna gasik robih, tina goreng kana alus, tina jahat kana suci, nurutkeun ajaran Allah.
  9. Kitu deui sistim hukum Islam husus, merelukeun waktu lami, disusun sarta diatur, mangrupikeun hukum pikih, tetela kudu katembong.
  10. Dina waktu peperangan maju terus, hasilna henteu saeutik, wewengkon Islam geus muncul, ti Masrik nepi ka Magrib, ti wetan parat ke kulon.