Ieu kaca geus diuji baca
- Pangdipenta alesan geus salah ngintun, padahal ngahaja, rek nyoba jelema soleh, nu teu resep kana emas dunya brana.
- Ku Abu Jar eta duit nu sarebu, sapeser teu nyesa, bada magrib seep kabeh, dibagikeun ka rahayat nu sangsara.
- Muawiyah terus lapor gurung gusuh, nerangkeun Abu Jar, tetela jelema soleh, jujur pisan teu daek ngarah ngarinah.
- Kajujuran Abu Jar sok matak paur, watir salah paham, keur golongan nu garoreng, digunakeun keur ngahantem ka nagara.
- Muawiah tetela teu sanggup mutus, Abu Jar dipaksa, mayunan Halipah bae, ka Madinah sina angkat ngadeuheusan.
- Abu Jar teh di jalanna teu kacatur, ka Madinah datang, jeung Halipah amprok jonghok, ditarima kalawan ku kahormatan.
- Ceuk Halipah ka Abu Jar bari imut, muga terus terang, rek nyuhunkeun diparios, bok sim kuring aya dina kakurangan.
- Ceuk Abu Jar sim kuring ngaraos bingung, sakapeung sok heran, nenjo umat lir nu poho, narukangkeun kana urusan aherat.
- Terang pisan maranehna hirup mahmur, wungkul kadunyaan, ngarurus sorangan bae, nu sangsara teu dilieuk-lieuk acan.
- Utamina nagara nu kudu ngatur, kalawan paksaan, nu baleunghar tur galede, sina mikeun sakabeh harta bandana.
- Sadayana di mana parantos ngumpul, bagikeun nu rata, ka nu sangsara kokoro, diasupkeun mayar sidekah jariah.
- Ceuk Halipah ka Abu Jar meureun emut, ku Islam dicandak, geus ngagunting cukup gede, sistim jakat tur pajeg anu sampurna.
- Jeung sim kuring sinareng ulama jumhur, tur alim