Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Sajarah Khulafaaurrasyidiin II.pdf/77

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca

V. GERAKAN DI BAWAH TANAH.<dr>Pangkur

  1. Dina pupuh nu ti heula, geus tetela aya komplotan aksi, sangkan Pamarentah ancur, anti Halipah Usman, nu datangna ti unggal madhab jeung juru, ti sakuliah nagara, pangpangna ti nagri Mesir.
  2. Bibit buit kajahatan, pacogregan nu nyieun hiri dengki, ti golongan nu teu jujur, katelah Abu Saba, nenehna teh Ibnu Saoda murugul, Yahudi ti pagunungan, ti Basroh geus nyiliwuri.
  3. Asup Islam pura-pura, geus ngahaja sakadar pikeun taktik, Islam keur sumput salindung, supaya teu katara, hatena mah ka Islam wungkul ngamusuh, buleud satru kabuyutan, Halipah dipikaijid.
  4. Ku ayana sipat pitnah, kiritikan dibungkus ku politik, nu geus nyedek maju terus, ditujukeun ka Usman, maksudna mah Halipah supaya turun, turun tahta medal sila, harita gasik diganti.
  5. Iber kabar geus sumebar, geus katampi ku Halipah pribadi, Pusat Pemerintah ibur, Madinah eundeur oyag, pangagung teh sadayana timbul bingung, Halipah teh terus terang, ngayakeun putusan resmi.
  6. Harita teh taun Hijrah, tilupuluh jeung lima geus meh ahir, nurutkeun itungan umum, taun genep ratusan, lima puluh jeung lima tambahna mutung, Halipah nyieun malumat, pikeun sakabeh propinsi.
  7. Dina rayagung nu datang, disuhunkeun sadayana sarumping, sakabeh para Gubermnur, sakumaha biasa, rapat dinas saperti sasih kapungkur, di Pusat Pamarentahan, ka Madinah kabeh hadir.