Ieu kaca geus diuji baca
- aing kikieuan bener alus, tibatan terang-terangan, ngalawan anti Muslimin.
- Tujuan Ibnu Saoda, nu kahiji Islam supaya leungit, saeutikna sina ancur, sina perang sudara, perang rongkah teu eureun turun tumurun, nu ngurus ieu nagara, balik deui ka Yahudi.
- Ngembang boled geus tetela, perpecahan di kalangan Muslimin, tanda Islam bade ancur, geus katoong temahna, kajadian Kapala Nagara turun, sentimen kadaerahan, mo lami Islam teh leungit.
- Lamun make kekerasan, pikeun nolak jeung ngancurkeun Muslimin, katembong geus matak ripuh, kadang kala bahaya, tapi ngedok asup Islam lir nu junun, tetela nyata sampurna, tur baris hasil mucekil.
- Kitu pamadeganana, Abu Saba Yahudi nu teu uni, goreng ules sebul gejul, nurustunjung biadab, geus ngadukeun umat Islam sina rusuh, sina ngepung Halipahna, manehna seuri nyikikik.
- Geus kitu ujar sajarah, umat Islam ancurna ku pribadi, diadu domba ku batur, taya kawaspadaan, ahirna mah yahudi burung nu untung, jelema teu walakaya, usahana sidik hasil.
- Utusan daerah Kupah, sidik nunjuk ka sahabat bin Jubir, nganggapna nu paling jujur, pantes pikeun Halipah, kulantaran kawentar gede pangaruh, geus ahli tata nagara, pantes mun jadi pamingpin.
- Ari ti daerah Basrah, beda deui milihna teh taliti, milih kanu resep tarung, Abu Talhah nu gagah, nu kasohor dina perang tukang unggul, kadua ahli agama, nu hapad Kur'anul Karim.
- Utusan daerah pusat, mun ayeuna perwakilan ti Mesir, Sayid Ali nu dijungjung, alesanana kuat, Sayid Ali lantaran gede pangaruh, pikeun sanagara Islam, ka anjeunna mikaasih.