Ieu kaca geus diuji baca
- Pribadina calon tea, saurna ge teu diajak badami, tetela lamunan wungkul, ti unggal-unggal tempat, dordar rame hurung hangit ampir rusuh, golongan sareng golongan, Abu Saba nyengir seuri.
- Geus kitu kersa Pangeran, pitulungna ti Gusti Maha Suci, rencana nepi ka gelut, buktina nyata gagal, Ki Saba ge jigana ngarasa bingung, manehna gancang usaha, ngahijikeun paham tadi.
- Genep bulan ti harita, taun Hijrah geus tilu puluh leuwih, angka lima nu panungtung, dina taun umumna, genep ratus limapuluh genep nutug, komplotan ti anti Usman, mimiti harudang deui.
- Panggosok ti Abu Saba, bener-bener ku umat teu dipikir, sakaligus geus diturut, rahayat nu geus tibra, harita teh hirup deui terus hurung, der ngayakeun persiapan, maksudna rek maju deui.
- Siasat ku jalan umrah, maksudna teh rek ngalap haji leutik, maranehna jung maraju, ngantunkeun nagarana, tilu sasih samemeh bulan Rayagung, ngajugjug kota Madinah, alesan ibadah suci.
- Gubernur Nasir tret nyerat, gura-giru gasik ngirimkeun kurir, Madinah anu dituju, maksad bade laporan, mopoyankeun yen golongan nu barurung, gerakan di bawah tanah, ku juru telik kapanggih.
- Jawaban Halipah Usman, marenahna sangkan gasik diberik, supaya bisa kasusul, sarta gancang ditawan, tur ditungtut mun perlu dihukum gantung, dianggap penjahat perang, subpersip nagara asing.
- Hanjakal henteu kaudag, maranehna ti Mesir geus tarebih, ka Madinah geus meh cunduk, karunya ku nu ngudag,