Ieu kaca geus diuji baca
beurang peuting teu leleda maju terus, tingberebet dina kuda, tapi weleh teu kapanggih.
- Sakitu anu diserat, riwayatna komplotan nu kareji, nu nyieun rusuh di lembur, nyieun onar nagara, Abu Saba ngeunah angen kembung irung, maksudna kabeh laksana, ka Madinah darma ngiring.
Durma
- Kacaturkeun nu ngudag eta komplotan, nepi ka beurang peuting, meh apeng-apengan, kudana dicepretan, weleh bae teu kasungsi, aya mingguna, nu ngudag can baralik.
- Sanes bae nu marangkat ka Madinah, di Mesir aya deui, gerakan kudeta, rebutan kadudukan, nasibna Gubernur Mesir, Jendral Abdullah, dirurud geus tiguling.
- Samulihna rapat dines ti Madinah, ka Mesir nuju mulih, tacan kungsi datang, di jalan meunang beja, gubernuran geus diandih, diareusian, dipingpin ku Yahudi.
- Gubernuran geus dijaga ku pembrontak, karaman nu teu uni, Abdullah sangsara, hirupna geus bahaya, kapaksa teu kungsi mulih, sabab diancam, mun balik rek dipeuncit.
- Ngan untungna pitulung ti Nu Kawasa, ti Gusti Maha Suci, Abdullah teu beunang, lolos ka Palestina, di Siria terus ngungsi, jeung Muawiah, babarengan ngahiji.
- Di antara nu jadi pingpinanana, karaman nu ti Mesir, putra Abu Bakar, nu katelah Muhammad, nu ngaji di nagri Mesir, budak barahan, ayeuna jadi bengis.
- Iber kabar ku Halipah geus katampa, karaman geus meh tepi, datang ka Madinah, Halipah gerak tandang, ngumpulkeun kaom Muslimin, rayat Madinah di handap katingali.