Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Sajarah Khulafaaurrasyidiin II.pdf/94

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca

sumawonna jeung ngirimkeun ka nu jauh, pikeun Gubernur di Pustat, saurna aneh ajaib.

  1. Ceuk kapala pemberontak, tur nembongkeun kawani ieu aing, sim kuring sumeja nungtut, saha nu ngadamelna, wani-wani bedegong tur gede hulu, ngagunakeun cap Halipah, piraku jelema tebih.
  2. Saur Halipah teu terang, ceuk pembrontak naha teu ati-ati, setempel bisa ku batur, dianggo ku nu lian, sing uninga naon ieu nu di juru, piraku kedah disangkal, teu ngartos mun teu tingali.
  3. Saur Halipah jeung nyentak, keur nawiskeun anjeunna teu tingali, seja sumpah ka Nu Agung, henteu pisan marentah, kudu nyieun eta naskah model kitu, keur naon sim kuring nolak, saperti lain lalaki.
  4. Pemberontak kurang ajar, ngagorowok molotot muril kumis, sanajan rek bener kitu, Halipah henteu terang, sabalikna lamun bener-bener wadul, ulah sambat kaniaya, rasakeun engke di ahir.
  5. Salira teh terus terang, keur Halipah jaman model kiwari, teu pantes sabab geus sepuh, kadua hawek pisan, geus mentingkeun darajat sakabeh dulur, jadi penjabat nagara, geus make pamili sistim.
  6. Rahayat henteu percaya, moal rido kudu nyebut pamingpin, ka anjeun jelema linglung, nu teu bisa ngaraksa, ka jelema nu culangung kumawantun, nu geus nyoba nyieun naskah, tur make setempel negri.
  7. Ti nimbang kedah dipaksa, digalusur, supaya daek indit, ngantunkeun korsi pangagung, dipaksa turun tahta, leuwih hade ngersakeun ku anjeun lungsur, ku margi Allah marentah, anjeun kudu indit nyingkir.
  8. Saur Halipah jeung nyentak, geus nembongkeun teu-