Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Sajarah Khulafaaurrasyidiin II.pdf/98

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca

VII. HALIPAH USMAN WAPAT.
Durma

  1. Ti mimiti karaman asup ka kota, pemberontak nu keji, pamarentah Usman, karasa tambah panas, mun kiwari meureun krisis, beda rasana, harengheng tambih genting.
  2. Madinah teh asup kana pendudukan, sidik pinuh dieusi, kaom pemberontak, golongan anti Usman nu sipatna beuki wani, gaya tarandang, tembong pating garidig.
  3. Abu Saba sesepuh kaom karaman, lanjang linjing nyeh seuri, maksudna laksana, umat Islam barontak, dasar Yahudi cunihin, ahli pitenah, nyieun nyeri pamingpin.
  4. Ku hanjakal umat Islam teu arinsap, teu luak lieuk deui, saha nu ti tukang, nu ngasut tur mapanas, nyieun rusuh ka Muslimin, diadu domba, sidik dalang Yahudi.
  5. Geus tetela Muslimin nu keur barontak, kabeh buta politik, teu panjang emutan, tur teu panjang jeujeuhan, Muslimin kontra Muslimin, perang sudara, teu inget asal kawit.
  6. Suasana aya dina pergolakan, henteu mandang pamili, teu pasang curiga, hilap purwadaksina, Madinah dianggap asing, beurat sabeulah, Halipah kudu leungit.
  7. Dianggapna Halipah musuh gerotan, anu wajib dibasmi, dicap penghianat, tur mentingkeun golongan, ngayakeun pamili sistim, nagara ruksak, kitu carek nu anti.
  8. Waktu solat di masjid mah babarengan, henteu misah ngahiji, Halipah imamna, karaman teh mamumna, rempug jukung hate bersih, iklas nu aya, jiga henteu salisih.
  9. Kitu deui nalika netepan Jum'ah, umat Islam ngahiji, golongan Madinah, jeung komplotan karaman, di masjid ngesap ngabaris, Halipah imam,jigana hiji taktik.