Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Sajarah Khulafaaurrasyidiin II.pdf/99

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca
  1. Waktu Usman ngawitan ngadeg rek hutbah, harita geus mimiti, anjeunna dihina, hantem dibaledogan, ku batu taneuh jeung keusik, pameunteu pisan, untung teu bijil getih.
  2. Najan kitu nu mulya tetep teu robah, mung saukur ningali, manah panceg iklas, anjeunna terus hutbah, nurutkeun parentah Gusti, ngajakan umat, kana jalan nu suci.
  3. Eusi hutbah antawisna mepelingan, ngemutan ka Muslimin, naon maksad Islam, nu sabener-benerna, dibahas anu taliti, Halipah Usman, teuneung ludeung teu risi.
  4. Kaduana ngagambarkeun di Madinah, kaayaan geus krisis, genting keur anjeunna, panas keur pamarentah, pikeun Amiril Muminin, jero bahaya, dipenta sing areling.
  5. Ahirna mah anjeunna teh terus terang, ningali ka nu anti, supaya tetela, dina mere wejangan, supaya jadi ngalarti, gancang arinsap, gasik baralik deui.
  6. Saurna teh aranjeun ulah rek hilap, kudu areling deui, yen urang Madinah, geus ngarasa dihina, aranjeun geus mikaijid, jengkel ngarewa, nganggap lain Muslimin.
  7. Aranjeun teh sing emut kana wasiat, dawuhan Kangjeng Nabi, aranjeun nangtangan, merangan Halipahna, supaya ancur tiguling, ngantunkeun tahta, maksa ku tangan beusi.
  8. Ku kituna timbangan urang Madinah, dipenta sing areling, aringet ka asal, kana purwadaksina, sakabeh kaom Muslimin, nyata dulurna, haram teu kenging dengki.
  9. Nu diteda, tong aya papaseaan, leungitkeun sing beresih, tina niat jahat, pagawean nu salah, tobat ka Nu Maha Suci, kalawan iklas, Muslimin suci bersih.
  10. Umat Islam golongan urang Madinah, nungtutan hiji-hiji, prak tandang harudang, nembongkeun nu satia, ngawal Amiril Muminin, Halipah Usman, paeh hirup mo tebih.