Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Sajarah Khulafaurrasyidiin I.pdf/102

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

Ilahi, mawa umat hirup maju, sinareng kabagjaan, Gusti Allah geus milih pedang keur Rasul, pedang Islam enggeus gerak, tetela nu jadi hakim.

35. Raja Yadajir pok nyentak, utusan teh kalyargeus diusir, sina katembong ku umum, Islam golongan hina, prak dipaksa sina maranggulan karung, karung taneuh beurat pisan, ditambih pasir karikil.

36. Emutan kabeh utusan, mawa taneuh kauntungan pribadi, keur Islam siloka wungkul, komo ceuk Jendral Saad, umat Islam di Parsi yen baris manggung, pamasihan ti Pangeran, silokana taneuh tadi.

37. Waktu utusan marulang, di dareugdeug ku prajurit ti Parsi, dianggapna nu barurung, dikeprokan dihina, yen Islam mah tentarana kuyul bau, teu beda tawanan leupas, darma dipaksa Sang Aji.

Durma

1. Jendral Rustam Panglima angkatan perang, tameng dada ti Parsi, rek merangan Islam, tapi nungguan datang, sina ngajorag Madain, raja teu sabar, murang-maring teu cicing.

2. Kacaturkeun Sang Raja terus der tandang, muril kumis jejebris, marentah Panglima, supaya maju perang, Jendral Rustam gidig indit, mawa pasukan, ngantunkeun nagri Parsi.

3. Tentara teh geus datang ka Kadisiah, pihak Islam sayagi, gok amprok der perang, bukbek rebutan jiwa, antara Islam jeung Parsi, di Kadisiah, nu tarung berang peuting.

4. Memeh perang panasehat pihak Islam, ngahatean prajurit, ngahudang samangat, dihaja sina panas, al Kur'an anu diaji, parentah Allah, perang ngalawan kapir.

101