5. Kaduana sina inget ka Muhammad, pamingpin anu suci, nu bela satia, geus mawa kaunggulan, taktikna kudu diuji, ditarurutan, supaya kenging jurit.
6. Mimitina saurang lawan saurang, perang anggar nu sengit, pedang lawan pedang, pihak Islam nu meunang, musuhna pating jumpalik, kabeh kasoran, paeh marandi getih.
7. Geus puluhan musuhna anu kasoran, perang campuh ngahiji, trongtrang sora pedang, silih tojos ku tumbak, nu keuna marandi getih, pating bugigag, ceurik pating bangingik.
8. Matak melas ka prajurit nu kasoran, gempar di medan bakti, awakna rarusak, sabab kaleyek kuda, panonna mani barijil, katincak gajah, nu tatu ting jarerit.
9. Jendral Saad harita henteu nyaksian, kumargi nuju gering, keur muriang panas, bisul saluar awak, kapaksa teu ngiring jurit, kumando perang, anjeunna bari gering.
10. Ku lantaran Jendral perang di nu anggang, geus loba anu nyirik, sanggeus dibejaan, wirehing henteu damang, prajurit kabeh ngalarti, teu kaabotan, juritna leuwih kesit.
11. Sapopoe dua raksasa tarandang, nembongkeun kabeh wani, bangkena ngalayah, patumpang jiga pindang, medan bakti banjir getih, lautan darah, nu jurit tambih bengis.
12. Ti Parsi mah tetela marawa gajah, jumlahna teu saeutik, pihak Islam gempar, kaleyekan ku gajah, kudana pating balecir, sieuneun gajah, nu tatu mandi getih.
13. Nu taratu maju lir banteng bayangan, najan marandi getih, jasjos narojosan, mata gajah ku pedang, pedang ngucur nginum getih, gajah malodar, atawa ting balecir.
14. Pihak Islam ayeuna ngarasa lega, longsong gajahna leungit, nu jadi panghalang, nu ngaruksak jelema, ngan kantun ngadu prajurit, ngadu tanaga, licik papelit-pelit.