Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Sajarah Khulafaurrasyidiin I.pdf/106

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

35. Peperangan Kadisiah panggedena, ti jaman Kangjeng Nabi, nembean harita, perang hantem-hanteman, nepi ka saminggu leuwih, taya eureunna, korbanna teu saeutik.

36. Jumlah jamleh pangorbanan pihak Islam, dalapan rebu jalmi, teu acan nu cacad, anu tatu raruksak, lamun kiwari inpalid, korban berjoang, jihad di jalan suci.

37. Korban Parsi tilu puluh rebu urang, nu paeh mandi getih, teu acan nu cacad, nu bisa keneh leumpang, meh puluhan rebu leuwih, digarotongan, nu nyerah teu saeutik.

38. Peperangan Kadisiah pikeun Islam, ujian Maha Suci, kur ngarebut Irak, asal daerah Islam, nu direbut raja Parsi, ayeuna beunang, rayatna insap deui.

39. Urang Hirah dihukum nu beurat pisan, sabab ngalanggar jangji, komo nu barontak. disina mayar dengda ongkos perang teu saeutik, pajeg kapala, rahayat iklas nampi.

40. Badewi ge nu deukeut walungan Eprat, ka Jendral Saad wawarti, Jendral Rustam wapat, sim kuring seja tobat, seja asup Islam deui, kabeh rahayat, anom jadi Muslimin.

― 0 ―

105