Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Sajarah Khulafaurrasyidiin I.pdf/114

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

29. Perang campuh lawan jurit, nu kaasup gede pisan, musuh Islam kocap kawon, Badewi serah bongkokkan, tentara Rum diganyang, taya nu dibere ampun, barangna kabeh dirampas.

30. Harita taun Masehi, nembean genep ratusan, tilu puluh pikeun emboh, angka tujuh pangahirna, ti Mesopotamia, jumanjang nepi ka Mosul, jadi patalukan Islam.

31. Jendral Saad ngepung Takrit, Ki Utbah nu ka Obela, hiji bandar gede rame, di teluk Parsi pernahna, ditalukkeun Ki Utbah, kota Obela dilebur, diganti ku ngaran Basrah,

Dangdanggula

1. Jendral Saad napsuna geus robih, sumangetna gede kahayangna, tanggung jawabna nu abot, tangtunganana luhur, wilayahna palayeun nambih, supaya ngalegaan, ka Nurasan tembus, sangkan Islam wuwuh nyebar, mun bisa mah palayeun sakolong langit, sadaya kabeh Islam.

2. Abu Jiad geus diutus deui, ngadeuheusan ka Halipah Umar, kocapkeun geus amprok jonghok. Ki Jiad pok misaur, nu maksudna nyuhunkeun widi, tentara Parsi anggang, di nagara batur, geus ngarungsi ka Hurasan, rek dijorag dirurug sangkan beresih, supaya Parsi musnah,

3. Pamentana ngepung urang Parsi, ku Halipah nyata geus ditolak, saurna ulah rek poho, emutan nu dimaksud, pagunungan panjang ngajegir, ngabaris panjang ngetan, cukup pikeun nutup, mager antara Hurasan, jeung nagara Masopotamia resmi, reujeung manca nagara.

4. Margi yakin upami patebih, pihak Parsi mo daekeun datang, urang ge nya kitu keneh, tumetep di nu jauh, sabalikna hate sim kuring, leuwih ngarasa mulya, sarta leuwih luhur,

113