11. Kaduana uruskeun rigasi, usahakeun ngabendung walungan, kanal ge paksakeun bae, kajeun ngabobok gunung, gotong royong reujeung patani, lindungan ku Nagara, bantuan nu cukup, dimana solokan jalan, pek diatur ngabagi cai nu adil, patani sina bungah.
12. Katiluna soal tanah titip, nu dimaksad perkara makena, jual beulina sing beres, teu meunang ka nu jauh, sumawonan ka bangsa asing, kudu di sengker pisan, lindungan ku hukum, ka sing saha nu rek maksa, prak ditindak diambil alih ku nagri, kitu hukumanana.
13. Kaopatną husus nu keur Parsi, tanah milik asal karajaan, najan rebuan hektar ge, darat sinareng gunung, nu mangrupi lir taman sari, atawa pamoroan, pamandian ratu, sakuma milik nagara, henteu idin dibagi disisi kudi, supaya dipiara.
14. Kalimana nu dianggap penting, kakayaan Uskup Jaratustra, rupaning barang araheng, nu dikantun malabur, ditinggalkeun indit ngarungsi, ieu milik nagara, supaya diurus, di mana lamun daratang, panditana ditanya nu titih rintih, ajakan asup Islam.
15. Kegenepna caket teluk Parsi, sisi laut nelah selat Arab, hiji teluk anu gede, kudu gasik diwangun, palabuhan niaga penting, keur ngaganti Obela, nu hawana bau, palabuan anu anyar, dingaranan palabuan Basrah Parsi, bandar anu tohaga.
16. Katujuh nagara Madain, kudu pindah ka palebah Kupah, sisi Eprat palih kulon, ti Nirah rada ngidul, nu anggangna ukur tilu mil, pusat nagara Irak, buru-buru wangun, Madain teu pati sehat, hiji kota tempatna sidik teu praktis, pikeun pamarentahan.
17. Kadalapan nu dianggap penting, sanes bae hal tata nagara, agama ulah rek pohon, waktu tableg diatur, keurseus guru di unggal nagri, sing rata ka padesan, didik rayat umum, buta hurup nu ti heula, sangkan rayat barisaeun maca nulis, komo buta agama.