Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Sajarah Khulafaurrasyidiin I.pdf/117

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

18. Sanggeus beres tina rapat nagri, meh jam dua kocapkeun bubaran, teras naretepan lohor, geus kitu jung malungkur, jung marulih sanajan tebih, Halipah istirahat, namung henteu wangsul, di masjid gogolean, na alketip ngan saheulay ulah tüis, atawa ulah merang.

19. Kota Kupah sami jeung Madain, kator Pusat Pamarentah Islam, di Kupah mah langkung rame, ti mana-mana kumpul, nu daragang ti mana mendi, nya kitu kota Basrah, kota nu kamashur, tempatna perniagaan, Kupah Basrah bogaeun riwayat penting, sajarah perdagangan.

20. Ceuk bujangga nu moyan arahli, Kupah-Basrah geus ngandung sajarah, totanden Islam nu sohor, ti payun hirup maju, nu ngadidik rayat ngalarti, ngembangkeun kabudayaan, Islam nu kamashur, dina abad kadalapan, geus kawentar pusat elmu nu parenting, di jieun pangdeugdeugan.

21. Pribumi na bangsa Arab asli, Arab kidul nu ngeusian Kupah, Basrah mah ku Arab kaler, anu jadi penduduk, harita mah masih saeutik, dua ratus rebuan, dianggap geus cukup, rayat nu ahli agama, sakumaha di luhur kungsi ditulis, pusat kabudayaan.

22. Nu maraca pamugi tingali, dina tempat pusat kabudayaan, gudang elmu nu kasohor, sok timbul rusuh gujrud, pacengkadan salisih batin, Badewi anu harak, ka Kures ngamusuh, keur jaman Halipah Umar, perpecahan bisa pareum leungit lebih, ilang tanpa karana.

23. Sawangsulna nalika geus ganti, keur Halipah dicekel ku Usman, reheng getreng tembong kabeh, dengki ngalajur napsu, pacengkadan sangketa jadi, beungkeutan Islam ruksak, mumusuhan timbul, Kupah-Basrah bersajarah, waktu Islam geus manggung sakolong langit, kitu dina ruksakna.

24. Tengah kota karaton ngajegir, nu diwangun ku panglima Saad, di Kupah nu paling agreng, di payuna diatur,

116