Ieu kaca geus divalidasi
- deui, gagah rongkah subur makmur, jiga bihara-bihari, Ardasir kaasup jempol.
- Para raja dinasti anu maraju, raja Sapur nu kahiji, kaduana oge kitu, Hosru Nusirwan kahiji, Hosru kadua ge sohor.
- Hosru Parpid nu kadua paling maju, ngereh karajaan Parsi, kaceluk ka awun-awun, nu sugih sakolong langit, ngan hanjakal geus bedegong.
- Bedegongna ceuk beja meakeun batur, geus kaasup paling bengis, di maña lamun geus napsu, teu ngemutkeun kulawargi, teu nyesa kabeh diamprot.
- Dina taun nepratus dalapan likur, itungan taun Masehi, Hosru Parpid manggih ripuh, ku putrana dipateni, ku Kapad jalma bedegong.
- Raja Kapad di Parsi ganti nu manggung, hanjakalna henteu lami, ceuk beja ukur sataun, raja Kapad ge lastari, jigana hukumullah.
- Ti dinya mah cenah gunta-ganti terus, saurang taya nu lami, paling ahir anu manggung, raja Buran putri geulis, putra Hosru denok demplon.
- Dina taun genem ratus tilu puluh, ditambih opat Masehi, Yadajir ganti nu manggung, putuna Ki Hosru Parpid, raja anom paling sombong.
- Nya harita nagara Parsi direbut, diperangan ku Muslimin, raja Yadajir katilu, kapaksa undur ti Parsi, terus ngungsi heunteu tembong.
- Sarsilahna Parsi teh nu matak taluk, tur di ereh ku Muslimin, umat Islam unggul tarung, ti Parsi kabeh ngalacir, rajana ge milu lolos.
125