Ieu kaca geus divalidasi
- Paling payun ku Islam beunang direbut, Kadisiah nu kahiji, kadua terus dikepung kota Nihawan geus kenging, nurutkeun sajarah kuno.
- Ceuk tambo mah samemehna Islam muncul, sumebar di nagri Parsi, nu hirup agama buhun, Jaratustra nu kawarti, agama nu paling kahot.
- Gumelarna leuwih ti sarebu taun, samemeh Isa Masehi, Jaratustra enggeus ngatur, mangrupikeun kitab suci, nelah Apesta nu sohor.
- Jaratustra pahamna teu beda buhun, majar teh dunya nu mingpin, dua tuhan nu geus ngatur, nu jahat reujeung nu suci, dianggap lir Gusti Allah.
- Nu hade teh Ahura Mayda kamashur, Ahriman jahat jeung bengis, salamina terus nyatru, beurang peuting perang tanding, teu eureun patorong-torong.
- Mun tuhanna di mana geus ribut tarung, manusa teu kenging cicing, kudu dibantu ditulung, mikaasih tuhan suci, sangkan ulah bisa kawon.
- Ka sing saha lampahna nu jujur junun, Ahura anu miasih, nu jahat serta murugul, Ahriman nu dalit mingpin, salamina ngajak awon.
- Mun nu maot kabeh ge henteu dikubur, diteundeun luhureun kai, atawa munara luhur, diantep nepi ka leungit, sato nu darma ngalebok.
Durma
- Kacaturkeun jalanna ieu sajarah, perang Islam jeung Parsi, waktu kajadian, peperangan Nihawan, itungan taun Masehi, genep ratusan, pat puluh dua tambih.126