Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Sajarah Khulafaurrasyidiin I.pdf/131

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
  1. Nu harirup lima puluh rebu urang, kaasup nu inpalid, mundur lulumpatan, ngantunkeun pakalangan, karunya ku nu inpalid, buntung parincang, boborot mandi getih.
  2. Pihak Islam sarua seueur korbanna, kasoran mati sahid, diurus nagara, dasarna sukalillah, ngarasa geus suka ati, korban berjoang, parentah Maha Suci.
  3. Jendral Namun nu jadi bunga pahlawan, kasoran geus lastari, anjeunna geus korban, gugur di medan perang, nyumponan parentah Gusti, pisabilillah, sampurna mati sahid.
  4. Ngan untungna taktik perang pihak Islam, rikat rekep tur rapih, waktu Jendral Numan, kasoran dina perang, disimpen henteu kaciri, taya nu terang musuh mah komo deui.
  5. Maksadna mah pasukan sangkan teu robah, perangna tetep bengis, sanggeus pertempuran, nembe dibarejaan, yen Jendral Numan lastari, kabeh ngadoa, ka Gusti Maha Suci.
  6. Kaunggulan peperangan di Nihawan, dingaranan nu penting, ieu kaunggulan, rajana kaunggulan, nu jadi pangeling-ngeling, tentara Islam, Nihawan kota penting.
  7. Irak Ajam geus taluk ka pihak Islam, diereh ku Muslimin, sakabeh rampasan, dicandak ka Madinah, jumlahna henteu saeutik, mangjuta-juta, Halipah anu nampi.
  8. Kacaturkeun henteu lila ti harita, Ispandiar ti Parsi, panglima nu lumpat, di luar mepek balad, di kota Rey geus ngadingding, ngalapis waja, nangtangan perang deui.
  9. Kota Rey teh ku Islam hantem dijorag, musuhna ngacir deui, Ispandiar nyerah, tur ngucapkeun Sahadat, ngahiji jadi Muslimin, jeung tentarana, Yadajir kucar-kacir.
  10. Raja buron teras nyisup ka Ispalan, di gunung anu buni, kota Rey ku Islam, ti dinya teras tandang, nalukkeun kabeh propinsi, sarta bareunang, Parsi Muklis geus kenging.
130