Ieu kaca geus divalidasi
- Lami-lami pamarentah Parsi, bisa jalan kalayan sampurna, karaman jalma garoreng, beresih geus disapu, anu kari raosing galih, rahayat suka bungah, harirup malahmur, kaemasan di Parsia, harita mah mangrupi anugrah Gusti, ka nu sabar takwa.
- Mung sakitu nu bisa digurit, nu kapendak mangrupa sajarah, ngotektak ngungkab na tambo, sakieu nu kahatur, panji Islam di nagri Parsi, geus nyumponan sajarah, Islam bisa ngatur, ngeusi jaman kaemasan, muji sukur umat geus bakti ka Gusti ngagem agama Islam.
Pangkur
- Sememeh muka hikayat, ningal judul sajarah nu digurit, Damaskus nyata geus taluk, tumarima kasoran, harita teh taun Hijrah nu kacatur, nembean kaopat welas, Ubaidah anu nampi.
- Ayeuna muka sajarah, ninggang pisan Halipah keur prihatin, keur dikungkung ku kabingung, dilampat ku kasusah, keur ihtiar pikeun kamajuan umum, keur kapentingan nagara, ngemutkeun Halid bin Walid.
- Panglima Halid teh keras, kawanina tetela taya tanding, matak gigis kabeh musuh, matak hoream lawan, sabalikna anak buahna raripuh, sabab kaliwat sumangat nepi ka poho dipati.
- Saur kapala nagara, talajakna Jendral Halid bin Walid, karasa ku matak paur, prajurit bok binasa, ku lantaran wanina meakeun batur, dianggap matak bahaya matak ruksak ka prajurit.
- Keur nyegeh eta bahaya, Halipah parantos buleud pikir, sikep pageuh kukuh pengkuh, panglimana dipecat, Jendral Halid
136