Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Sajarah Khulafaurrasyidiin I.pdf/138

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

anjeunna kapaksa turun, kudu ngantunkeun jabatan, teu kenging rek mingpin deui.

6. Keur gantina geus diangkat, budak ngora bet wakilna pribadi, hiji opsir nu kamashur, wani gagah perkasa, bijaksana tur langkung pinuh ku elmu, nelah Jendral Ubaidah, kaasup wijig pinilih.

7. Pinterna Halipah Umar, nagarawan anu ahli politik, geus nyawang alam ka payun, nyata tindakanana pikeun Halid henteu ngarasa kasinggung, komo ngarasa dihina, sabalikna imut manis.

8. Tengtrem ayem henteu robah, siang wengi teu ngantunkeun prajurit, katingalna langkung suhud, pingpinan Ubaedah, taya basa yen Halid niat rek hasud, sabalikna giat pisan, iklas manah wening galih.

9. Ubaidah kitu pisan, hiji jendral pertengtang ahli taktik, bisa ngahargaan batur, pinter meuli-meulina, Halid oge tetep di sanjung dijungjung, dihargaan tanagana, panasehatna pribadi.

10. Di mana aya urusan, anu beurat atawa nu parenting, Halid teh tara dikantun, dipenta nasehatna, tur hasilna ku Ubaidah digugu, dituturkeun samistina, hasilna tetep mucekil.

11. Halid jadi panasehat, mun kiwari adpisurna pribadi, sesepuh keur balairung, Jendral Angkatan Perang, Ubaidah Panglima anu kamashur, budak ngora wijaksana, jeung Halid tetep ngahiji.

12. Kacaturkeun hiji mangsa, Ubaidah kungsi ngupingeun warti, kakaburan tentara Rum, nu tohaga jumlahna, nu malundur tina pertempuran Yarmuk, ka Damaskus geus daratang, jeung baturna prak ngahiji.

13. Raja Rumawi nu gagah, Heraklius ngamusuh ka Mus

137