Ieu kaca geus divalidasi
- limin, sayaga enggeus kukumpul, tatan-tatan rek perang, di Damaskus mepek balad lengkep cukup, rek ngajorag pihak Islam, nungguan waktu mustari.
- Panglima tentara Islam, Ubaidah gasik ngirimkeun kurir, ka Madinah kocap cunduk, ditampa ku Halipah, utusan teh pok laporan kitu-kitu, Kapala Nagara sidang, jeung setapna nu parenting.
- Kaputusan musawarah, sidang kilat sipatna anu penting, hasilna kabeh satuju, kana usul Panglima, yen Damaskus kedah gancang-gancang serbu, Heraklius diperangan, Rumawi sing kapimilik.
- Parentah perang kaluar, geus katampi utusan gasik indit, di jalanna teu kacatur, jeung Panglima geus tepang, tur suratna ku Panglima geus kamalum, geus diolah jeung wakilna, jeung Jendral Halid bin Walid.
- Parentah perang dibaca, prak dikupas diwincik nu taliti, Panglima ngucapkeun sukur, usulna katarima, geus kitu mah tatan-tatan prung kukumpul, Damaskus seja dijorag, waktuna mo lami deui.
- Kabeh jalan lalu lintas, nu ka kota hiji taya nu kari, diputuskeun saban juru, sasakna prak dirusak, ka sing saha nu ka kota maksa maju, ku tentara geus ditahan, dianggap waktu keur genting.
- Malikan deui sajarah, kakocapkeun kota Damaskus penting, ti kapungkur geus kamashur, ti jaman purbakala, hiji kota nu kaceluk paling maju, ngabogaan kabudayaan, ti memeh Nabi Ibrahim.
- Ratusan abad katukang, ti samemeh Nabi Ibrahim lahir, ceuk beja masih beh ditu, geus aya kamajuan, hiji kota kaasup turun-tumurun, pusatna pamarentahan, Siria kota nu penting.
138