Ieu kaca geus divalidasi
- Tempatna lega tur rata, mangrupaakeun padataran beresih, sareng diriung ku gunung, cur-cor walungananna, nu sirahna bijil ti tutugan gunung, Damaskus kota koncara, rayatna sarugih mukti.
- Negara waktu harita, pangmajuna pikeun sakolong langit, taya sanes ngan Damaskus, atra kawentar jaya, rahayatna pangheulana asup maju, rea katon rea ketan, gemah ripah loh jiwani.
- Ku sabab gemah raharja, ti baheula kawentar sugih mukti, dianggapna paling maju, nelah TAMAN DUNIA kaduana kota dagang ti kapungkur, antara kulon jeung wetan, Damaskus nu paling penting.
- Kajayaan kamahmuran, ti Damaskus ku Arab geus kapanggih, ku golongan nu carunduk, hartawan boh sudagar, ka Siria bulak-balik saban waktu, ngahraja ngandon dagang, nyaliar tatali hurip.
- Upama rek disasaran, ditalungtik kalayan ati-ati, Damaskus teh paling punjul, kuat sarta tohaga bentengna ge pohara galede luhur, dibanding keur sanagri Sam, Damaskus asup ka hiji.
- Kandelna eta bentengan, ceuk sajarah meh lima welas kaki, luhurna meakeun batur, meh duapuluh hasta, diwangunna tina beton batu hirup, kuatna luar biasa, gimir nu rek nempuh jurit.
- Ceuk bujangga nu maroyan, eta benteng rebuan taun leuwih, jaman Isa memeh manggung, tacan gubrag ka dunya, eta benteng geus ngajegir gede luhur, mayapak di awang-awang, meh bae nepi ka langit.
- Malikan anu katukang, persiapan ti tentara Muslimin, Ubaidah nu rek tarung, sayaga rek ngahadang, arek ngepung ngaruru kota Damaskus, Heraklius rek di jorag, kocapkeun geus taram jurit.
139