Ieu kaca geus divalidasi
- Muharam ping genep welas, Damaskus teh dikepung unggal usik, beurang peuting unggal waktu, nepi ka genep bulan, perang rongkah pertempuran maju terus, Damaskus teh nembe bedah, korbanna henteu saeutik.
- Rahayat ting kaceak, dina benteng teu barisaeun bijil, maranehna menta tulung, menta bantuan raja, maksudna mah bantuan ti Heraklius, raja ge teu walakaya, sieuneun nandangan pati.
- Sakurilingeun bentengan, geus dipager ku tentara nu rapih, Jendral Halid ahli tarung, pinter ngatur siasah, hiji waktu ka jero benteng geus turun, bareng jeung anak buahna, seueurna sawelas jalma.
- Bentengan anu tohaga, nu ngagejlig luhur sarta ngadingding, luhurna meakeun batur, tiasa ditaekan, nu jagana beresih kabeh disapu, dibabad di cacar bolang, pantona diburak-barik.
- Gapura lawang asupna, nu dijieun bahanna tina beusi, ku Halid nyata direbut, sakedap lawang muka, meh ngarebu pihak Islam breg arasuk, sumerah raga jeung nyawa, ti jero bentang barijil.
- Kalawan ku kasieunann, sumolondo ka Jendral bari ceurik, isarat nembongkeun taluk, ka Jendral Ubaidah, teu talangke ditampa sarta diatur, alus pinuh tanggung jawab, teu aya nu dinyenyeri.
- Keura Halid mah sabalikna, saha bae nu kapanggih dibasmi, saurang taya nu hirup, sok komo nu ngalawan, geus ngalayah hiji ge teu mawa umur, babuk lalay cacar bolang, amarahna kabeh bijil.
- Pangumuman ti Panglima, katampina ku Halid rada
140