Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Sajarah Khulafaurrasyidiin I.pdf/142

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
    ahir, eureun ngamuk malik mundur, nyampeurkeun ka kumandan, prak rundingan jeung golongan pihak musuh, tempatna ge di gareja, perjangjian tret ditulis.
  1. Damaskus narima nyerah, ka Muslimin sanggup mayar upeti, bebas tina sipat musuh, rahayat geus merdika, jeung tentara saban waktu campur gaul, timbul rasa silih hormat, teu samar geus jadi hiji.

Asmarandana

  1. Saterasna nu kawarti, sajarah Islam nu panjang, mangrupa hiji lalakon, nu diserat tur di karang, perjoangan Siria, palih kaler nu geus taluk, pasrah sumerah ka Islam.
  2. Ceuk bujangga nu arahli, Siria tunduk talukna taunna bade dikotret, di handap seja diserat, mimiti taun Hijrah, nembe lima welas punjul, punjulna teh bubulanan.
  3. Carek itungan Masehi, Siria kaler keur nyerah taun genep ratus keneh, jeung tilu puluh genepna, angka nu pangahirna, saterusna rek kahatur, jalanna teu sajarah.
  4. Geus jadi tali paranti, akibatna peperangan di mana aya nu eleh, anu jadi tatanggana, timbul rasa hareudang, gimir paur milu runtuh, kabarerang diperangan.
  5. Akibat dirurug jurit, dijorag jeung diperangan tetela teu matak hade, rahayatna jadi korban, karajaan binasa, timbul gujrud salelembur, kadang kala matak musnah.
  6. Harita ge geuning sami, nalika Damaskus nyerah, nagara agreng galede, nu jaradi tatanggana, ti palih kulon wetan, narungtutan tunduk taluk, sumerah ka Ubaidah.
  7. Nu kahiji nagri Himsi, kaduana kota Hama, katilu geuning Alepo, galede sarta tohaga, Kinisrin sabangsana, pahibut paburu-buru ngahupay narima Islam.
141