Ieu kaca geus divalidasi
- Siria teh loh jinawi, nagara jembar raharja rea ketan rea keton, nu geus mawa kajayaan, keur golongan bangsawan, kapaksa kudu dikantun, Heraklius meh midangdam.
Dangdanggula
- Anu jadi wiwitan digurit, mangrupakeun munggaran karangan, jadi pokona lalakon, dijieun bukur catur, patalukan Baetalmakdis, nagara nu kawentar, mashur ti kapungkur, nyerah ka nagara Islam, nu waktuna sumangga bade ditulis, di handap tingalian.
- Ceuk itungan taunan Masehi, harita teh geus genep ratusan, tambahna mokaha gede, langkung tina salikur tilu puluh genepna deui, taun ngandung sajarah, pikeun Heraklius, harita teh taun Hijrah, lima welas nu kaetang tacan ahir, sakitu ceuk sajarah.
- Sagigireun Damaskus geus kenging, tunduk taluk ka tentara Islam, kaduana nya Antioh, Palestina dipaju, keur dikepung meh beurang peuting, pingpinan Amru bin Ash, Jendral nu kamashur, nu kawentar tukang perang, geus ngengingkeun kahiji nagri Palestin, kota ngandung sajarah.
- Ki Artabun Gubernur Rumawi, anu ngereh kota Palestina, pantésna ngarasa jenkel, tatan-tatan kukumpul, rek ngalawan wanieun deui, tandang nangtangan perang, kukubuk rek tarung, mepek balad loba pisan, maksudna mah cenah rek ngabéla diri, tina kepungan Islam.
- Yerusalem kota gede penting, nu kawentar ngandung kabudayaan, kasohor ti jaman kuno, mashur ka awun-awun, katelahna Baetalmakdis, ditambah Ramleh gaja, Artabun nu ngatur, dipinuhan ku tentara, tur anjeunna ngahadang di Adnadain, ti Yerusalem ngetan.
- Jendral Amru nu gagah tur wani, tur waspada ngartieun
144