Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Sajarah Khulafaurrasyidiin I.pdf/146

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
    siasat, mendak kitu hénteu kaget, anjeunna teu kakantun, teras ngatur mingpin jurit, kabeh jalan dihadang, ditutup keur umum sasakna kabeh diruksak, lalu-lintas Yerusalem jadi genting, perta hanan tohaga.
  1. Unggal kota dijaga nu rapih, pager bitis rekap kuten­tara, sumawonna nu ka Ramleh, Gaja pinuh ditutup, saban tempat pinuh Muslimin, teu bisa walakaya musuhna geus ngumpul di benteng nung­gu mangsana, rek dikepung djorag diburak-barik, Jéndral Amru nu tandang.
  2. Siasatna Panglima Muslimin, rek ditetel mo bareng djorag, dipilih nu paling gede, Adnadain dikepung, nu dianggo Gubernur linggih, Artabun kawirangan, ku Amru diserbu, pertempuran hebat pisan, perang total beurang peuting perang tanding, sarua pada kuat.
  3. Ceuk sajarah ieu perang jurit, jeung di Yarmuk di dieu nu hebat, kepungan gede jeung hese, dibanding tikel tilu, di Yarmuk mah dianggap leutik, kaunggulan keur Islam, Rumawi berkabung, Heraklius tumarima, geus kadeséh tur tumampi sisip jurit, Artabum mileuweungan.
  4. Kaayaan tentara Rumawi, ngan saeutik nu lolos lalumpat, ampir meh binasa kabe, beja ngara­tus rebunu kasambut teu hudang deui, loba barang rampasan, ngaleuyah ngab­rugbrug, gagaman parabot perang, bahan baku mangrupa tarigu roti, ditambah sato hewan.
  5. Nu harirup najan mandi getih, naringgalkeun medan peperangan, teu ngusap birit ngaleos, basana hayang hirup, nu dijugjug Baetalmakdis, dibawa ku Jendralna, babarengan kabur, majar teh lain kasoran, mundur soteh ukur taktik dina jurit, pantrang eleh ku Islam.
  6. Ku beunangna kota Adnadain, nu dianggap bentengan panghalang, tatanggana milu eleh, cunduk sumerah taluk, dina
145