Ieu kaca geus divalidasi
- waktu ukur saeutik, wilayah Yordan beunang, sumerah samiuk, kalawan teu diperangan, rajana ge sorangan sumerah diri, upet; gancang mayar.
- Yerusalem karunya' geus mencil, tacan nyerah katentara Islam, nulak cangkeng dina kelek, keukeuh luhur adigung, rajana teh jiga nu wani, bogaeun pananggeuhan, pasukan nu cukup, prajuritna meh ngalaksa, tur bentengan tohaga dilapis beusi, ngadinding luhur pisan.
- Jendral Amru henteu salah pilih, hiji Jendral nu gagah perkasa, tur tangkas leber wawanen, anjeunna pok misaur, Yerusalem kudu beresih, aing bagiannana, ngarugrug tur ngepung, muga Allah nyubadaan, Yerusalem kapimilik ku Muslimin, supaya Islam nyebar.
- Beurang peuting tentara teu cicing, geus nyalaksrak nareangan jalan, ngadobrak ngarebut benteng, kitu kersa Nu Agung, henteu lami sidik geus hasil, bentengan nyata bedah, rugrug diserebu, gubernur lolos tur lumpat, jeung baladna mabur ka nagara Mesir, sangsara mileuweungan.
- Sapronius pandita Nasrani, nu ka Jendral sumerah bongkokan, geus nyokot jalan nu hade, anjeunna terus usul, maksudna mah rek ngiring hurip, sarta nyerahkeun kota, tanda tunduk taluk, saratna untung teu beurat, kahayangna Halipah nampi pribadi, ku Amru kawidian.
- Jendral Amru jung ngirim prajurit, ka Madinah utusan geus datang, jeung Halipah amprok jonghok, surat anu dibantun, geus diaos tur imut manis, ku Panglima kamanah, ti dinya jung mungkur, ka Palestin teras jengkar, tur angkatna anjeunna ukur pribadi, ajudan nu nyarengan.
- Kaanehan Amiril Muminin, kaiklasan Kapala Nagara, nu gede sarta kasohor, angkatna ka nu jauh, jeung ka tempat nu masih werit, tempat anu bahaya, nembe pisan taluk, bet henteu nyandak pangawal, mung batur mah paling saeutik sakompi, barisan kahormatan.
146