Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Sajarah Khulafaurrasyidiin I.pdf/148

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
  1. Na ieu mah angkatna pribadi, disarengan ajudan saurang, pangkatna biasa bae, jauh teu burung cunduk najan anggang teu wurung tepi, sumpingna ka Jabiah, kota nu kamashur, markas­na tentara Islam, sasumpingna ku Jendral Amru di tampi, kalayan kahormatan.
  2. Jendral perang sasaruan resmi, ngalaporkeun ka­ayaan kota, ku upacara militer, pasukan kabeh kumpul ku Ha­lipah geus katingali, anjeunna pok amanat, tur ngucapkeun sukur, ngadoa pikeun suhada, nu lastari keur campuh di medan bakti, tula­deun sarerea.
  3. Sapronius pandita Nasrani, ngadeuheusan ka Panglima Besar, kiwari meureun Presiden, pucuk pingpinan agung, nu ne­ruskeun keur repolusi, hanca Nabi Muhammad, anu jadi Rasul, kadua ti Abu Bakar, tanggung jawab nung­tun umat ka Ilahi, dibawa kana Islam.
  4. Hasil karya buahna badami, Sapronius jeung Panglima besar, di handap mangga parios, kalayan Anu Agung, Gusti Allah Nu Maha Suci, nyaah­eun ka umatna, sim kuring sumujud, hasilna babadamian, ti sim kuring Umar Amiril Muminin, ti Kapala Nagara.
  5. Keur pribumi Yerusalem asli, perjangjian ti Halipah Umar, jaminan rahayat kabeh, supaya hirup kumbuh, harta ban­da tatali hurip, sareng kulawargina katut lembur matuh, banjar karang pamidangan, tur gareja mo pisan disisi kudi, kabeh bebas mardika.
  6. Ka sing saha nu rek nyisikudi, rek ngaruksak sok komo narampas, ieu hal larangan gede, gareja pikeun sujud, saku­maha paham Nasrani, kudu dihormat pisan, tapi nu murugul, teu nurutkeun perjanjian, ti sim kuring baris pinanggih kanyeri, tanwande mendak wirang.
147