Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Sajarah Khulafaurrasyidiin I.pdf/149

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
  1. Perjangjian di luhur kauni, dijieunna dina taun Hijrah, taun lima welas keneh, anu nawis karumpul, nu kahiji Halid bin Walid, dua Amru ibnul As, sareng nu katilu, Aup nelah Abdurahman, Muawiyah nawísna ngan ukur saksi, teras Panglima Besar.
  2. Kawajiban ti pihak pribumi, Sapronius kudu tanggung jawab, wawakil rayat galede, anjeunna nu diutus, keur ngumumkeun saider nagri, soal pajeg kapala, sakali sataun, mayar saham-pang-hampangna, dibandingkeun jeung pajeg anu sasari, jaman mayar ka raja.
  3. Keterangan ti urang Nasrani, ti bujangga golongan gareja, sanggeus perjangjian rengse, Panggung dilulungsur, ku pandita diajak linggih, Panglima Besar jengkar, ka pribumi nurut, teu lila kocap daratang, anu mulya ka Yerusalem geus sumping, Sapronius marahmay.
  4. Pihak Islam sinareng Nasrani, Sapronius jeung Panglima Besar, nembongkeun harade hate, kumpul riung mungpulung, sempai guyon arimut manis, ngobrol garep­yak pisan, jauh sipat musuh, nu jadi bahan obrolan, nyarioskeun Yerusalem asal kawit, tug dugi ka harita.
  5. Kaayaan Amiril Muminin, anu jadi Kapala Nagara, kiwari meureun Presiden, ka Yerusalem cunduk, panganggona kuma sasari, mung ukur nganggo jubah, kitu ge geus butut, nu asalna bulu onta, rada rajet namung katingal beresih, matak hawatos pisan.
  6. Teopanes wartawan Nasrani, geus nerangkeun dina sajarahna, Sapronius hade hate, mideudeuh ka tatamu, Halipah ge nalika sumping, kantos nampi hadiah, nu mangrupa baju, tina lawon lenden bodas, ku Pangagung harita enggal ditampi, ngang­gapna kahormatan.
  7. Dianggona raksukan nu tadi, arang pisan henteu salamina, mung ukur sakedap bae, paling jam-jaman wungkul, bari ngantos anuna garing, sinareng ditambalan, namung sanggeus
148