Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Sajarah Khulafaurrasyidiin I.pdf/151

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

XI. MUSUH ISLAM MARUDAH

Durma

  1. Dina judul tetela katingal pisan, tawis anu rek jurit, Kaiser jeung Islam, Heraklius nu gagah, raja ti nagri Rumawi, rek males Islam, geus ngancam bade ngusir.
  2. Ceuk sajarah harita keur kajadian, dina taun Masehi, keur genep ratusan, tilu puluh dalapan, itungan Hijrah ditulis, tujuh welasna, Heraklius mimiti.
  3. Heraklius gancang geus nyieun beungkeutan, ngahiji jeung Badewi, bangsa patalukan, nu taraluk ka Islam, harita kalapir deui, milu ka raja, ngamusuh ka Muslimin.
  4. Badewi teh Arab Mesopotamia, palih wetan saeutik patalukan Islam, digosok di ajakan, ku Heraklius nulicik, mawa pasukan, Siria rek dibasmi.
  5. Sanggeus beunang nagri Mesopotamia, Islam kudu caricing, dilarang rek gerak, sanajan ngan salengkah, supaya ngabela diri, keur tatan-tatan, bok bilih jurit deui.
  6. Geus Siria ku Islam nyerah dijorag, kaamanan geus pulih, kabeh nagri Arab, beurang peuting dijaga, bok aya nu nyiliwuri, rek nyieun onar, caricing pageuh kancing.
  7. Harita teh kakuatan pihak Islam, tohaga meh pasagi, teu matak honcewang, jumlahna gede pisan, lima puluh rebu leuwih, mun kiwari mah, meureun lima dipisi.
  8. Najan kitu pihak Islam teu sarakah, rebut ambil alih, nambahan jajahan, ku kalawan jeung maksa contona Asia leutik, henteu dirampas, dijorag komo deui.
  9. Nu tetela keur perang kemerdikaan, keur ngahangna
150