tea, rupa pajeg naon bae, dipulangkeun ka rahayat nu mayarna.
29. Ceuk itungan Jendral Islam nu malashur, di mana mung mangkat, perjangjian bebas kabeh, jijah oge kudu pulang ka asalna.
30. Taun Hijrah lima welas nu ka kahatur, padri Netorian, pandita nu paling hade, na bukuna nerangkeun sajarah Islam.
31. Bangsa Arab meunang anugrah Nu Agung, mingpin karajaan, jaman urang hirup keneh, jadi hiji aturan keur bangsa urang.
32. Urang Arab ka urang henteu ngamusuh, merangan agama, sabalikna nganggap hade, nangtayungan mekarna agama urang.
33. Umat Islam salamina sopan satun, ngahormat pandita, nu suci dianggap hade, ka gareja sok mindeng mere hadiah.
34. Katerangan ti pandita anu jujur, cutatan Wiliam, na bukuna Kalipate, kaluaran Edenbeureuh nagri Jerman.
35. Ngan sakitu sajarah anu kahatur, soal nagara Sam,ku sim kuring nu dikotret, bijil tina emutan dasarna amal.