ngadegna ge nepi ka ngadegdeg, sidik sami jeung rahayat leutik, salirana langsing, pucet tambih kuru.
20. Siang wengi Anjeunna teu cicing, cumeluk ngagero, ka daerah nu malahmur keneh, bahan pangan supaya dikirim, ka nu keur paceklik, nuju burung taun.
21. Ubaidah ti Siria sumping, sarta henteu lengoh, opat rebu onta nu galede, dimuatan ku gandum jeung roti, Halipah pok muji, ka Gusti Nu Agung.
22. Ti Palestin Amru oge ngirim, ti Irak ge tembong ka Madinah geus daratang kabeh, saban enjing dua puluh siki, onta nu di peuncit, keur ngabagi umum.
23. Geus halodo meh salapan sasih, ngayakeun istiko, Sarerea ka tegalan kabeh, anu mingpin Halipah pribadi, Imam nu kapilih Ki Abbas nu sepuh.
24. Pangersana ti Nu Maha Suci, hasilna istisko, wanci sore ger hujan nu gede, nu ahirna nepi ka balanjir, rayat suka seuri, ngarucapkeun sukur.
25. Paila teh dianggap geus leungit, jukut hejo ngemploh, Badewi ge geus baralik kabeh, ti Madinah ka gurunung deui, biasa sasari, tatanen di lembur.
26. Kamahmuran rahayat meh pulih, suka bungah tembong, henteu lila jebul deui bae, datang to’un nu leuwih mateni, loba nu lestari, ngubur ratus-ratus.
27. Kampung Anwas pinuh ku panyakit, hus-hos nu maraot, ku lantaran beuki meuweuh bae, rahayat teh barirat ngarungsi, ngoli ka nu tebih, nyaringkahan to’un.
28. Ceuk sajarah keur pangeling-ngeling, sangkan ulah poho, to’un Anwas nu jadi ciciren, di Siria jeung Mesopotami, kacapangan penting, keur saumur-umur.