Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Sajarah Khulafaurrasyidiin I.pdf/164

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

 16. Ubaidah sasumpingna terus nyeluk, opisir kabeh dipanggil, sidang kilat gura-giru, parentah kapala negri, dibahas dugi ka lohor.

 17. Kaputusan tina sidang kudu ngatur, nu garering kudu ngalih, ti lebak pindah ka luhur, dipindahkeun kana pasir, dibarak ulah dilongok.

 18. Di Jabia Ubaidah tembong ngangluh, katepaan jurig kuris, kaserang panyakit to'un, ahirna teras lastari, asup kana takdir Allah.

 19. Sabadana Ubaidah ngantun pupus, prajurit kabeh teu cicing, beurang peuting ngatur terus, ngagotongan nu garering, jumlahna mangewon-ngewon.

 20. Jendral Amru ganti tanggung jawab mutung, nguruskeun rayat nu gering, bawahannana nu mantu, cakah cikih siang wengi, ahirna mah to'un mantog.

 21. Prajurit saurang carang nu nganggur, pagawe sipil ge sami, harita mani pahibut, nguruskeun anu gerering, wanita ge milu repot.

 22. Ngan saminggu nu garering nungtut wangsul, silih ganti asup bijil, di pasir di luhur gunung geus heurin usik ku jalmi, nu daratang jeung marios.

 23. Amanatna Halipah teh bener jetu, rahayat sidik kajait, nu maot ukur ngarebu, nu cageur meh laksa keti, hanjakal teu ti bareto.

 24. Jumlah-jamleh kolot budak nu geus lapur, ku to'un jeung jurig kuris, dua puluh lima rebu, kaasup pagawe sipil, militer ge rada roncong.

 25. Jendral perang tiluan anu parupus, Ubaidah nu kahiji, kadua Surahbil mashur, katiluna Yasid kumis, uptra Abu Sopyan sohor.

163