26. Ku ayana wabah cacar reujeung to'un, nagara Syam jadi sepi, rahayat loba nu bingung, sarieuneun jurig kuris, jadi korban kudu maot.
27. Ti militer opisir jiga baringung, nagara meujeuhna rujit, risi ku nu rada burung, bok bisi pihak Rumawi, ti peuting datang nyorobot.
28. Ngan untungna sesepuh papayung agung, Kapala Nagara sumping, bubuhan gede pangaruh, sarerea tengtrem deui, maruji ka Gusti Allah.
29. Halipah teh sanajan parantos sepuh, kaduana kanu tebih, tapi maksa nikreuh cunduk, dina onta lain mobil, padahal ratusan kilo.
30. Katiluna dikawal ajudan wungkul, pangkatna ukur prajurit, taya basa kurang cukup, padahal hiji pamingpin, ngan iklas karena Allah.
31. Kacaturkeun Halipah ngaraos aus, anjeunna milari cai, di jalan caket ka lembur, geus liren prak alak-ilik, ka lembur Ahya nyolongkrong.
32. Eta lembur perenahna deukeut teluk, Akaba sisi basisir, eusina Karesten wungkul, ti Siria henteu tebih, garejana mani sigrong.
33. Sup ka lembur Halipah anu ti pungkur, angkatna pairing-iring, rahayat murubul turun, nepangan Halipah sumping, bari maos mani raong.
34. Ceuk rahayat jeung Halipah hayang tepung, nu mana hayang papanggih, ceuk Halipah nu ti pungkur rahayat meh kaceh bijil, ka pungkur pating tarempo
35. Disangkana Halipah teh tacan cunduk, rahayat rebuan leuwih, tonggoy nempoan ka pungkur, jeung baturna tingkecewis, mani saheng adu renyom.